NO
|
Loma
|
Lemes keur sorangan
|
Lemes keur ka batur
|
1
|
Imah
|
Rorompok
|
Bumi
|
2
|
Balik
|
Wangsul
|
Mulih
|
3
|
Indit
|
Mios
|
Angkat
|
4
|
Datang
|
Dongkap
|
Sumping
|
5
|
Dahar
|
Neda
|
Tuang
|
6
|
Indung kuring
|
Pun biang
|
Tuang ibu
|
7
|
Bapa kuring
|
Pun bapa
|
Tuang rama
|
8
|
Incu kuring
|
Pun incu
|
Tuang putu
|
9
|
Adi kuring
|
Pun adi
|
Tuang rai
|
10
|
Bibi kuring
|
Pun bibi
|
Tuang ibu
|
1. imah
– rorompok – bumi
a. Imah
kuring deukeut padjajaran.
b. Rorompok
abdi mah di jalan pembangunan.
c. Bumi Pa
Asep mah cakeut alun-alun.
2. balik
– wangsul – mulih
a. Enggeus
balik timana manéh?
b. Abdi
nembé wangsul
ti Bandung.
c. Atos
mulih ti mana néng Asih téh?
3. indit
– mios – angkat
a. Iraha
rék indit ka
jawa téh?
b. Abdi mah mios
ka Jakarta téh bade ameng.
c. Pun
bapa atos angkat ka kantor naék motor.
4. datang
– dongkap – sumping
a. kuring
cikénéh datang ka sakola.
b. Abdi dongkap
ka rorompok naék ojeg.
c. Tabuh
sabaraha tuang rama sumping ka bumi téh?
5. dahar
– neda – tuang
a. Dadang dahar
jeung hulu lauk.
b. Abdi parantos nyobian neda di cibiuk.
c. Pa
Ade nuju tuang waktos abdi ka bumina.
6. indung
kuring - pun biang - tuang ibu
a. indung kuring keur
masak di dapur.
b. Pun
biang nuju ngabantosan abdi diajar masak.
c. Kumaha
tuang ibu damang?
7. bapa
kuring – pun bapa – tuang rama
a. bapa kuring keur maca koran
republika.
b. Alhamdulilah, pun bapa ayeuna mah atos damang.
c. Udin
nuju ngalongok tuang rama euis di
rumah sakit.
8. incu
kuring – pun incu – tuang putu
a. incu
kuring mah aya di luar kota kabéh.
b. Pun incu anu pang
ageungna mah atos kuliah.
c. Ari
tuang putu Asri atos gaduh sabaraha?
9. adi
kuring – pun adi – tuang rai
a. adi kuring ngaranna Aseha.
b. Tangtos resep ninggal pun adi rajin téh.
c. tuang rai
téh namina saha?
10. bibi
kuring – pun bibi – tuang ibu
a. Bibi kuring geus
jadi sarjana.
b. Pun bibi
mah janteun guru sd.
c. Leres
tuang ibu jaka téh di damel di BUMN?