Kamis, 05 Desember 2013

Conto kalimah basa loma jeung lemes




NO
Loma
Lemes keur sorangan
Lemes keur ka batur
1
Imah
Rorompok
Bumi
2
Balik
Wangsul
Mulih
3
Indit
Mios
Angkat
4
Datang
Dongkap
Sumping
5
Dahar
Neda
Tuang
6
Indung kuring
Pun biang
Tuang ibu
7
Bapa kuring
Pun bapa
Tuang rama
8
Incu kuring
Pun incu
Tuang putu
9
Adi kuring
Pun adi
Tuang rai
10
Bibi kuring
Pun bibi
Tuang ibu


1.      imah – rorompok – bumi
a.       Imah kuring deukeut padjajaran.
b.      Rorompok abdi mah di jalan pembangunan.
c.       Bumi Pa Asep mah cakeut alun-alun.
2.      balik – wangsul – mulih
a.       Enggeus balik timana manéh?
b.      Abdi nembé wangsul ti Bandung.
c.       Atos mulih ti mana néng Asih téh?
3.      indit – mios – angkat
a.       Iraha rék indit ka jawa téh?
b.       Abdi mah mios ka Jakarta téh bade ameng.
c.       Pun bapa atos angkat ka kantor naék motor.
4.      datang – dongkap – sumping
a.       kuring cikénéh datang  ka sakola.
b.       Abdi dongkap ka rorompok naék ojeg.
c.       Tabuh sabaraha tuang rama sumping ka bumi téh?
5.      dahar – neda – tuang
a.        Dadang dahar jeung hulu lauk.
b.       Abdi parantos nyobian neda di cibiuk.
c.       Pa Ade nuju tuang waktos abdi ka bumina.
6.      indung kuring - pun biang - tuang ibu
a.       indung kuring keur masak di dapur.
b.       Pun biang nuju ngabantosan abdi diajar masak.
c.       Kumaha tuang ibu damang?
7.      bapa kuring – pun bapa – tuang rama
a.        bapa kuring keur maca koran republika.
b.       Alhamdulilah, pun bapa ayeuna mah atos damang.
c.       Udin nuju ngalongok tuang rama euis di rumah sakit.
8.      incu kuring – pun incu – tuang putu
a.        incu kuring mah aya di luar kota kabéh.
b.       Pun incu anu pang ageungna mah atos kuliah.
c.       Ari tuang putu Asri atos gaduh sabaraha?
9.      adi kuring – pun adi – tuang rai
a.        adi kuring ngaranna Aseha.
b.       Tangtos resep ninggal pun adi rajin téh.
c.       tuang rai téh namina saha?
10.  bibi kuring – pun bibi – tuang ibu
a.       Bibi kuring geus jadi sarjana.
b.      Pun bibi mah janteun guru sd.
c.       Leres tuang ibu jaka téh di damel di BUMN?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar