Upacara Turun Taneuh nyaeta
upacara mimiti orok nincakkeun sampeanna ka taneuh, diayakeun sanggeus orok éta
rada ageung, saatos tiasa ngorondang atanapi ngaléngkah sakedik-sakedik.
Upacara ieu dimaksudkan ambéh orok eta terang kaduniawian sarta pikeun terang
baris jadi naon orok éta jaga, naha baris jadi patani, padagang, atawa baris
jadi jelema anu berpangkat.
Perlengkapan anu disadiakeun kudu
leuwih pepek ti upacara Nurunkeun, sajaba rupa-rupa kadaharan ogé disadiakeun
lawon panjang pikeun ngais, samak atawa taplak bodas, paré segenggam, perhiasan
emas (kongkorong, pinggel, lélépén), duit anu diwangun ti duit lembaran
ratusan, rebuan, sarta puluh rébuan.
Jalanana upacara, lamun para
ondangan geus ngariung diayakeun doa salamet, sanggeus éta orok digandong sarta
dibawa ka luar imah. Di halam imah geus disiapkeun rupa-rupa kadaharan,
perhiasan sarta duit anu ditunda di luhur lawon bodas, saterusna sampean orok
diinjakan dina paré/ kadaharan, emas, sarta duit, hal ieu dimaksudkeun ambéh orok
éta jaga singer néangan napakah. Saterusna orok éta dilepaskan di luhur
barang-barang tadi sarta diingkeun ngorondang sorangan, para ondangan nengetan
barang naon anu mimiti dicekelna. Lamun orok éta nyekel paré, hal éta nandakeun
orok éta jaga jadi patani. Lamun anu dicekel éta duit, nandakeun orok éta jaga
jadi saudagar/pengusaha. Kitu ogé lamun anu dicekelna emas, nandakeun anak éta
jaga baris jadi jelema anu berpangkat atawa miboga kalungguhan anu dipihormat.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar